Opat Taun Oleh Ustadz Awa Motivator Cinta (Ustadz AMC)

OPAT TAUN
Oleh Ustadz Awa Motivator Cinta (Ustadz AMC)

Opat taun ngantunkeun salira
opat taun ngabantun kacinta
tos nyaba ka sagala arah
teu janten duriat mengkol
tetep nyangreud

Opat lebaran kaasih dina manah
opat lebaran kanyaah teu liren
sanaos seueur gogoda
tetep kadeudeuh teu ngalih

Opat taun tos kalangkung
kiwari abdi mulih ka lembur
ngabantun katulusan asih

Nyanggakeun cinta ti abdi
mung pikeun salira
sapertos kapungkur
tetep gembleng
salamina…

Puisi ini karya : Ustadz Awa Motivator Cinta (Ustadz AMC),
penulis buku MOTIVASI CINTA®